Hape nu ngagoler utek-utekkan gerak kusoranganna nandakeun aya nu nelpon atawa aya sms asup, leungeun geuwat ngarawel hape bisi aya anu penting. Diilikteh pun bapak nelpon.
"hallo Assalamualaikum.."
"waalaikumsalam, aeh apa nelpon, heee.."
"muhun, neng nuju dimana?"
"di tempat damel. dupi kumaha pak?"
"ari neng bade iraha uih? tos lami teu uih-uih.."
"insya allah sasih payun" kuring ngajawab bari teu purun.
"janten neng bade cios moal damel di mamang? apa tos nyarios ka mamang di jakarta"
"duka apa, neng masih luamayan betah di dieu"
"enya atuh ari kitumah, ari usulan apamah mendingan di jakarta, gajina ageung, ke sakantenan neng ngantosan panggilan damel di perusahaan, jabaning ameh ka longokan ku apa ari dijakartamah"
Ngadadak hate kuring teu puguh rarasaan, antara bungan jeung sedih. Da salila kuring hirup nyakola ti mimiti SD mindah ka kota sejen anu jarakna deukeut nepi ka lulus kuliah kuring can pernah dilongok kunujadi bapak, komo deui ku indung nau jauh dipeuntas lautan.
"apa, insya allah neng bade uih sakantenan neng bade widi bade naek gunung deui, pami aya tambihan deui danana,, heee"
Enya oge kuring mikakeuheul kanu jadi kolot, tapi kuring teu bisa nenjokeun ka keuheul kuring hareupen nu jadi bapak.
Kuring ngarumasa, biasanamah geus teu sakola lain usumna deui barangpenta ka kolot.
Dana jang ulin kituan, boh jang kuliah, atawana jang jajanmah kuring oge tara menta, kuring aya nau ngabiayaaan, oge jang ulinmah aya tina hasil gawe, kuring sok rajeun neundeun. Ngan kuring hayang apal kumaha reaksi apa. Tapi lain berarti kuring ngaleuleungit pamere nu jadi indung jeung bapak, da sok rajeun maranehna oge mere ka kuring.
"neng bade kamana? hayoh wae ameng, angguranmah damel, kukumpul artos"
Bari ngarenghap kuring ngawaler panaros pun apa.
"punten apa, ieumah tos sabeungkeutan antara manusa sareng alam, khususna diri neng"
"bade sasih naon angkatna, kaping sabaraha?"
"sasih februari kaping 7"
"kaping 6 putra uwa bade nikah, atuh sakantenan neng uih heulanya. tuh baturmah tos narikah, garaduheun salaki, na ieumah hayoh wae ameng kaditu kadieu"
Asa kakaraeun apa nyarios kitu, kawas aya anu dipika hayang tidiri kuring tina cariosanna.
"muhun pa, insya allah bade uih" kuring teu hayang loba ngajawab.
"nya entos heula, ku apa bade ditutup teleponna"
Telepon ditutup, hate asa panas asa aya nu ngaduruk. Hate teu bisa ngabohong rasa keuheul kecewa kunu jadi bapak geus tibaheula minuhan hate. Tapi kuring teu wantun kukumaha ari tos payuneun apa mah. Kuring malah sok jadi ngabetem repeh.
Anu matak kuring tara daek mulang lain ku ayana indung tere jeung adi tere, tapi ku kasieunan kuring ningali maranehanna bisi kalah mika keheul jeung teu kuat nahan cai panon.
Umur kuring geus asup ka 24 tahun, ukuran anak awewe di kampungmah geus boga anak salakai, lain resep ulin-ulinan keneh.
Tapi kuring boga alasan kunaon kuring betah nyorangan, ningali conto indung bapak anu kawin tuluy tatalakan matak jadi pikasieun jang kuring, anu rasa sieun eta teu cukup dicaritakeun kusawatara kalimah bae.
Jauh ti indung jeung bapak ti leuleutik geus cukup nguatkeun hate bakal hirup nyorangan teu miboga rasa hate bakal rek kawin, miboga keluarga kawas nu lian.
Diri geus leuleus ku impian nu endah, anu matak kuring daek serius narima hiji lalaki anu rek mika istri ka kurinng. Tapi geus apal kuring lain ti keluarga anu utuhmah angger wae ninggalkeun kuring.
Kuring nyukupkeun kana kajadian eta jeung nyukupkeun hirup nyorangan teu kudu boga salaki, da kuring tetep bisa hirup.
Katambah apa jeung nunjadi indung tara nanyakeun naha kuring geus hayang kawin atawa geus boga kabogoh, nu ditanyakeun ku maranehannana pagaewan jeung gaji.
Alasan-alasan eta anu mikuat kuring embung balik kanu jadi kolot, jeung kuring milih hirup senang sorangan, atawa kuring milih bunuh diri, paeh sorangan. kur aya dua pilihan jang kuring anu tetep jawabbanna hiji, nyaera nyorangan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar