Selasa, 03 Desember 2013

JODOH

Jodoh….
Jodoh the geuningan teu ngajodo..
Sa prakna kuring gawe diluar negeri, geus tilu tahun kakara bisa balik ka lembur. Bisa balik kulantaran kontrak gawe jadi TKW geus beak waktuna. Mun ngaragap hatemah kuring the teu hayang gawe jauh-jauh ka nagara sejen. Tapi dalah kumaha kaayaan numatak kuring kudu ingkah jauh. Kadang lamun keur gawe pikiranteh sok tara tenang ninggalkeun indung anu geus kolot bari jeung sok geringan wae. Sing enya oge panyakitna teu parah, tapi da angger hatemah sok ting sereset air geus ras inget ka kolot the.
Caritanmah kuring geus nepi ka imah, imah anu dipika kangen ku kuring, lain kaayan imah anu matak dipika emut, tapi keluarga jeung hiji wanoja anu dipikanyaah ku kuring. Tapi hanjakalna kuring can pernah gomong kamanehna yen kuring mika bogoh, mika nyaah, mika hayang ngjadikeun manehna pamajikan.
Salila kuring gawe di luar negeri kuring can pernah ngadenge beja nanaon tin neng geulis anu dipika bogoh. Kuring ngan osok komunikasi jeung keluarga bari eta oge ngan saukur nyaritakeun kaayan kuring jeung keluarga. Kitu oge pihak keluaraga tara balaka carita nanaon tentang tatangga jeung nu liana.
Kuring nyaho sabenernamah wanoja anu dipika bogoh ku kuringteh bogoheun ka batur, lain ka kuring. Kuring can pernah balaka ka eta wanoja yen kuring aya hate kamanehna, da kuring ngarasa teu tugenah hate ku sobat kuring sorangan.
Sabaraha bulan samemeh kuring mangkat gawe kaluar negeri sobat kuring Wanda Pratama Wijaya anu masih tatanggaan keneh jeung kuring pernah ngomong, manehna mika bogoh ka Lilis awewe anu sarua dipikaresep ku kuring. Alasan eta anu teu kedal pamaksud hate ka Lilis. Sanajan kitu kanyaah kuring ka Lilis teu luntur, tetep nyaah. Kitu deui hate kuring ka Pratama tetep nyaah jadi sobatna. Teu keuheul kulantaran kapiheulaan ku Pratama. Ngan kuring  nepikeun kiwari masih nyimpen dina hate leutik, kuring nyaah ka Lilis.
Kuring bungah kacida mulang kalembur dibageakeun ku Ema jeung Bapak oge ku lanceuk jeung paduduluran. Sanajan kuring lalaki tapi kuring ngeclak cipanon kulantaran bungah taya duana amprok jeung kolot. Kuring can loba carita ka kulawarga kumaha kuring di luar negeri. Kuring masih ngarasa cape hayang leleson.
Tapi sigana Emak geus leuwih apal, Emak oge teu loba nanya, ngan saukur nitah dahar tuluy nitah ngareureuh di kamar. Asa meunang dukugan, kuring nurut, saenggeus dahar da kulantaran lapar kuring ngageuleuyeng ka kamar.
Enya wae kuring sare mani pules mata muka ningali anu ngadeg sisieun risbang, mata rada meletet keneh, aeh geuningan Emak etateh. Saurna ngahaja ngahudangkeun kuring da geus wanci magrib. Emak enggal miwarang kuring solat. Kuring pak kuniang hudang ngadangu tos magrib. Emak teras kaluar kamar, kuring masih diuk dina kasur, ngumpulkeun tanaga jang leumpang ka kamar mandi.
Kuring sholat magrib di kamar nyorangan, teu waka hoyong ingkah kamana-kamana. Kuring teu kaluar kamar nepika sholat isya, satosna solat isya kuring kaluar kamar ka tengah imah. Ngahaja kaluarna tos solat isya ngarah nyalse ek ngobrol lila oge.
Di tengah imah teu aya sasaha, Emak jeung Bapak dimarasjid keneh, bari nungguan Emak, kuring kaluar ek ngangin dina teras imah. Asa wararaas tiiseunna beda jeung di luar negeri mani garandeng, teu puguh dedengean. Didiuemah adem ayem tenang  kana pandanguan.
Ret  ningal imah anu agreng hareupeun kuring. Sanes lian eta imah anu sakitu gedenateh imah sobat kuring Pratama, siga kumaha teuing ayeuna Pratama, tambah kasep meureunnya, tambah sukses bari ngalamun. Jadi asa ka emutan ka neng Lilis, kumaha kabarnanya? Naha Pratama jeung Lilis ngajadi? Kuring teu apal berita nanaon pisan maranehna.
Teu lila Ema jeung Bapak datang. Kuring teu ingkah tina pancalikan, Emak ngucapkeun salam, geuwat ku kuring di waler. Emak jeung Bapak lebet ka jero imah kakara kuring daek nuturkeun. Bapak langsung diuk dina korsi ari Ema leos ka kamar nyimpen mukenana. Teu lila Emak hol ti dapur bari nyandak cai kanggo Bapak.
ti dieu kuring kakara apal hiji rusiah, anu sabeneramah lain rusiah, da warga kampong oge tos pada terangeun. Kuring teu waka-waka cacarita tentang kahirupan kuring di luar negeri, ngahaja keun sina Emak atawa Bapak we anu nanya. Sabot kitu kuring kaingetan ka Lilis jeung Pratama.
“Mak, ari Pratama tos nikah?” kuring langsung naros teu basa basi ka Emak. Tapi anu di taros siga anu ngarenghap beurat, najan kitu kuring sabar ngantosan waleran Emak.
“Aeh Mad enya hidep can terang nya yen Pratama tos pupus” kuring asa teu percaya ngadangu Prtama tos ngantunkeun, kuring asa ngimpi. Teu puguh rarasaan hate. Suku asa teu napak kana anu di tincak.
“innalilahi wa inna ilaihi rajiun” kuring ngucap bari alon. Mimiti karasa cai panon geus rek kaluar. Kuring hayang nahan.
“kunaon kitu Emak Pratama pupus, naha Pratama udur heula” tumanya bari sora dareuda.
“muhun, Pratama geuring, teuing Emak oge teu pati ngarti kana panyakitna, tapi cenahmah aya patalina jeung jantung”
“jantung?” hate kuring ngagebeg kaget asa teu percaya ka Emak.
“muhun jantung Mad” emak negeskeun omonganna.
Kuring kalah ngalamun inget deui ka Lilis, lamun Pratama tos pupus atuh Lilis sareng saha.
“Mad..!!” emak ngabuyarkeun lamunan kuring.
“muhun, kumaha Mak? Oh enya Mak iraha pupusna? Dimana dipendemna?”
“sataun katukang Mad, dipendemna di pamakaman Cineam”
“Pamakaman umum Cineam?” kuring kerung.
“Naha henteu di pamakanam keluarga Mak, caket sareng nini akina anu tos pupus?” kuring ngrasa aneh.
“eta pamenta terakhirna, hoyong di pamakaman umum pagigir-gigir sareng Lilis”
“Lilis?” reuwas, najan kitu kuring rada nahan kareuwas kana carita Emak.
“Lilis pupus genep sasih sateu acan Pratama, Lilis sarua gering, tapi geuringna henteu parna kawas Pratama.”
Leuleus, tulang karasana asa lalocot. Teu nyangka Pratama jeung Lilis tos ngantunkeun duanana. Kuring sautik apal carita cinta duanana. Lilis anu katurunan biasa wae, pagawean sapopoena mantuan Emakna jualan surabi. Tapi dalah kitu Lilis anu alus ku akhlakna, matak loba anu nyaaheun ka manehna. Kaasup Pratama anu katurunan jalma aya, di kampung ieu katelah keluarga Pratama keluarga ningrat. Ngan dasar ku kolot Pratama anu teu nyatujuan Pratama mikabogoh ka Lilis, majar teu sa level.
Kuring apal Pratama lain tipe jalma nau gampang nyerah, yakin manehna mertahankeun Lilis. Tapi kuring teu apal manehna duanana maot, nepika makmna parendeng-rendeng.
Kuring nyusut cai panon anu ngeclak bari ngado’a ka Gusti anu maha Welas Asih, mugia duana sing dihamputen dosa-dosana, dilapangkeun dina pakuburanna. Mugia Allah ngahijikeun duanana di surgaNA. Amien.

Rabu, 06 November 2013

ADA SEPOTONG PUISI UNTUKMU



Aku tak berharap kau membaca ini
Bahwa ada sepotong puisi untukmu
Yang kutulis dan dan kusimpan rapuh
Aku tak tahu dimana potongan lainnya
Bahkan aku tak sempat menulisnya
Atau mungkin aku sudah melupakannya
Aku ingin mengatakan sesuatu kepadamu
Lewat sepotong puisi
Tapi aku tak mampu
Karena aku hanya tahu sepotong
Aku takut kau takan mengerti
Pasti kau akan bertanya mengapa sepotong..???
Tapi itulah aku,,
Biar, biar sepotong puisi itu
Akan menjadi satu puisi bila tetap bersamaku
Biarlah sepotong puisi itu menjadi penunggu hati yang misteri
Tidak lagi ganjil
Genap dalam jiwa…

PELAMINAN



Indah sekali
Bukan milikku
Bukan milikmu
Tapi milik mereka
Para pecinta sejati
Para pemberani
Bukan, bukan
Bukan untuk seorang pengecut
Bukan untuk seorang pecundang
Tapi hanya
Pelaminan kosong
Kemana para pengantin???

AKU TAK TAHU



Bahkan untuk menulis satu bait puisi pun aku tak mampu
Pun, aku tak tahu harus menamai apa dengan perasaan ini
Sulit kumengerti,
Satu lagu tak mampu mewakili isi hatiku
Satu gambar tak mampu menjabarkan warna dihatiku
Aku tak tahu sampai sesulit ini
Aku tak tahu samapai sedalam ini
Aku tak tahu bagaimana menjelaskan ini
Sungguh aku tak tahu
Dan jangan paksa aku
Untuk member tahu
Karena aku tak tahu…

MERAH



Karena aku suka
Karena aku benci
Karena aku takut
Karena aku berani
Karena aku marah
Karena aku wanita
Karena aku ingin hidup
Karena aku semangat
Karena aku punya alasan untuk hidup
Karena merah adalah kekuatan