Jodoh
the geuningan teu ngajodo..
Sa
prakna kuring gawe diluar negeri, geus tilu tahun kakara bisa balik ka lembur.
Bisa balik kulantaran kontrak gawe jadi TKW geus beak waktuna. Mun ngaragap
hatemah kuring the teu hayang gawe jauh-jauh ka nagara sejen. Tapi dalah kumaha
kaayaan numatak kuring kudu ingkah jauh. Kadang lamun keur gawe pikiranteh sok
tara tenang ninggalkeun indung anu geus kolot bari jeung sok geringan wae. Sing
enya oge panyakitna teu parah, tapi da angger hatemah sok ting sereset air geus
ras inget ka kolot the.
Caritanmah
kuring geus nepi ka imah, imah anu dipika kangen ku kuring, lain kaayan imah
anu matak dipika emut, tapi keluarga jeung hiji wanoja anu dipikanyaah ku
kuring. Tapi hanjakalna kuring can pernah gomong kamanehna yen kuring mika
bogoh, mika nyaah, mika hayang ngjadikeun manehna pamajikan.
Salila
kuring gawe di luar negeri kuring can pernah ngadenge beja nanaon tin neng
geulis anu dipika bogoh. Kuring ngan osok komunikasi jeung keluarga bari eta
oge ngan saukur nyaritakeun kaayan kuring jeung keluarga. Kitu oge pihak
keluaraga tara balaka carita nanaon tentang tatangga jeung nu liana.
Kuring
nyaho sabenernamah wanoja anu dipika bogoh ku kuringteh bogoheun ka batur, lain
ka kuring. Kuring can pernah balaka ka eta wanoja yen kuring aya hate
kamanehna, da kuring ngarasa teu tugenah hate ku sobat kuring sorangan.
Sabaraha
bulan samemeh kuring mangkat gawe kaluar negeri sobat kuring Wanda Pratama
Wijaya anu masih tatanggaan keneh jeung kuring pernah ngomong, manehna mika
bogoh ka Lilis awewe anu sarua dipikaresep ku kuring. Alasan eta anu teu kedal
pamaksud hate ka Lilis. Sanajan kitu kanyaah kuring ka Lilis teu luntur, tetep
nyaah. Kitu deui hate kuring ka Pratama tetep nyaah jadi sobatna. Teu keuheul
kulantaran kapiheulaan ku Pratama. Ngan kuring
nepikeun kiwari masih nyimpen dina hate leutik, kuring nyaah ka Lilis.
Kuring
bungah kacida mulang kalembur dibageakeun ku Ema jeung Bapak oge ku lanceuk
jeung paduduluran. Sanajan kuring lalaki tapi kuring ngeclak cipanon kulantaran
bungah taya duana amprok jeung kolot. Kuring can loba carita ka kulawarga
kumaha kuring di luar negeri. Kuring masih ngarasa cape hayang leleson.
Tapi
sigana Emak geus leuwih apal, Emak oge teu loba nanya, ngan saukur nitah dahar
tuluy nitah ngareureuh di kamar. Asa meunang dukugan, kuring nurut, saenggeus
dahar da kulantaran lapar kuring ngageuleuyeng ka kamar.
Enya
wae kuring sare mani pules mata muka ningali anu ngadeg sisieun risbang, mata
rada meletet keneh, aeh geuningan Emak etateh. Saurna ngahaja ngahudangkeun
kuring da geus wanci magrib. Emak enggal miwarang kuring solat. Kuring pak
kuniang hudang ngadangu tos magrib. Emak teras kaluar kamar, kuring masih diuk
dina kasur, ngumpulkeun tanaga jang leumpang ka kamar mandi.
Kuring
sholat magrib di kamar nyorangan, teu waka hoyong ingkah kamana-kamana. Kuring
teu kaluar kamar nepika sholat isya, satosna solat isya kuring kaluar kamar ka
tengah imah. Ngahaja kaluarna tos solat isya ngarah nyalse ek ngobrol lila oge.
Di
tengah imah teu aya sasaha, Emak jeung Bapak dimarasjid keneh, bari nungguan
Emak, kuring kaluar ek ngangin dina teras imah. Asa wararaas tiiseunna beda
jeung di luar negeri mani garandeng, teu puguh dedengean. Didiuemah adem ayem
tenang kana pandanguan.
Ret ningal imah anu agreng hareupeun kuring.
Sanes lian eta imah anu sakitu gedenateh imah sobat kuring Pratama, siga kumaha
teuing ayeuna Pratama, tambah kasep meureunnya, tambah sukses bari ngalamun.
Jadi asa ka emutan ka neng Lilis, kumaha kabarnanya? Naha Pratama jeung Lilis
ngajadi? Kuring teu apal berita nanaon pisan maranehna.
Teu
lila Ema jeung Bapak datang. Kuring teu ingkah tina pancalikan, Emak ngucapkeun
salam, geuwat ku kuring di waler. Emak jeung Bapak lebet ka jero imah kakara
kuring daek nuturkeun. Bapak langsung diuk dina korsi ari Ema leos ka kamar
nyimpen mukenana. Teu lila Emak hol ti dapur bari nyandak cai kanggo Bapak.
ti
dieu kuring kakara apal hiji rusiah, anu sabeneramah lain rusiah, da warga
kampong oge tos pada terangeun. Kuring teu waka-waka cacarita tentang kahirupan
kuring di luar negeri, ngahaja keun sina Emak atawa Bapak we anu nanya. Sabot
kitu kuring kaingetan ka Lilis jeung Pratama.
“Mak,
ari Pratama tos nikah?” kuring langsung naros teu basa basi ka Emak. Tapi anu
di taros siga anu ngarenghap beurat, najan kitu kuring sabar ngantosan waleran
Emak.
“Aeh
Mad enya hidep can terang nya yen Pratama tos pupus” kuring asa teu percaya
ngadangu Prtama tos ngantunkeun, kuring asa ngimpi. Teu puguh rarasaan hate.
Suku asa teu napak kana anu di tincak.
“innalilahi
wa inna ilaihi rajiun” kuring ngucap bari alon. Mimiti karasa cai panon geus
rek kaluar. Kuring hayang nahan.
“kunaon
kitu Emak Pratama pupus, naha Pratama udur heula” tumanya bari sora dareuda.
“muhun,
Pratama geuring, teuing Emak oge teu pati ngarti kana panyakitna, tapi cenahmah
aya patalina jeung jantung”
“jantung?”
hate kuring ngagebeg kaget asa teu percaya ka Emak.
“muhun
jantung Mad” emak negeskeun omonganna.
Kuring
kalah ngalamun inget deui ka Lilis, lamun Pratama tos pupus atuh Lilis sareng
saha.
“Mad..!!”
emak ngabuyarkeun lamunan kuring.
“muhun,
kumaha Mak? Oh enya Mak iraha pupusna? Dimana dipendemna?”
“sataun
katukang Mad, dipendemna di pamakaman Cineam”
“Pamakaman
umum Cineam?” kuring kerung.
“Naha
henteu di pamakanam keluarga Mak, caket sareng nini akina anu tos pupus?”
kuring ngrasa aneh.
“eta
pamenta terakhirna, hoyong di pamakaman umum pagigir-gigir sareng Lilis”
“Lilis?”
reuwas, najan kitu kuring rada nahan kareuwas kana carita Emak.
“Lilis
pupus genep sasih sateu acan Pratama, Lilis sarua gering, tapi geuringna henteu
parna kawas Pratama.”
Leuleus,
tulang karasana asa lalocot. Teu nyangka Pratama jeung Lilis tos ngantunkeun
duanana. Kuring sautik apal carita cinta duanana. Lilis anu katurunan biasa
wae, pagawean sapopoena mantuan Emakna jualan surabi. Tapi dalah kitu Lilis anu
alus ku akhlakna, matak loba anu nyaaheun ka manehna. Kaasup Pratama anu
katurunan jalma aya, di kampung ieu katelah keluarga Pratama keluarga ningrat.
Ngan dasar ku kolot Pratama anu teu nyatujuan Pratama mikabogoh ka Lilis, majar
teu sa level.
Kuring
apal Pratama lain tipe jalma nau gampang nyerah, yakin manehna mertahankeun
Lilis. Tapi kuring teu apal manehna duanana maot, nepika makmna parendeng-rendeng.
Kuring
nyusut cai panon anu ngeclak bari ngado’a ka Gusti anu maha Welas Asih, mugia
duana sing dihamputen dosa-dosana, dilapangkeun dina pakuburanna. Mugia Allah
ngahijikeun duanana di surgaNA. Amien.

Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.
BalasHapus